Selasa, 16 Oktober 2012

HUMOR SUNDA - Bahasa Arab


BAHASA ARAB

"Cik pud diajar naon wae ngilu pasantren kilat teh"; Tanya aki ka incuna si Apud
"Diajar nyerat basa arab ki"ceuk si Apud
"Cik siga kumaha" ceuk akina
Kotret si Apud nulis na kertas salembar bari terus disodorkeun ka akina
"Id isis hawas aya yaro
An yaro gadab anibak anib
Yaro asait id lemad noba idaj tabo
Noba yaro arbok asait rabu gudub"
"Basa arab nanahaon model kieu...?, pan basa arab mah nulis na ge ti kenca ka katuhu" ceuk akina
"Muhun ki, eta mah seratan laten tina arab gundul, janten macana kedah dibalikeun" ceuk si apud bari ngaleos