Selasa, 16 Oktober 2012

HUMOR SUNDA - 7 larangan


Urang kudu ucap syukur, rehna urang ayeuna tos asup kana bulan anu suci. Poma pisan dina bulan  nu suci  ieu aya tujuh larangan nu teu meunang dilakukeun. Saupamana dilanggar. YAKIN MEUNANG CILAKA.
 Tah ieu tujuh larangan nu dimaksad.
1. Mandi junub ku cai ngagolak, nu teu dicampuran ku cai tiis
2. Motong buuk ku ragaji mesin paragi motong kai
3. Tayamumku keusik nu aya kembang pasirna
4. Motongan kuku ku kampak, bedog, arit jeung sabangsana
5. Nyeundeut petasan dimana batur keur sarolat jama'ah
6. Nyukur kumis ku mesin paranti motongan jukut
7. Ngosok huntu ku sikatkawat baja

Mudah-mudahan pepeling ieu sing manfaat keur urang sarerea, ngarah urang teu cilaka


Tidak ada komentar:

Posting Komentar